Minggu, 15 Maret 2015

Contoh Naskah Berita dalam Bahasa Sunda

     Assalamualaikum Wr. Wb
   Wilujeng enjing pamiarsa. Wilujeng patepang deui sareng sim kuring Ima Nuraini dina acara warta sunda. Dina dinten ieu, warta anu baris kapidangkeun nyaeta Ekstrakulikuler Karawitan SMPN 5 Tasikmalaya, Kagiatan LKDS SMPN 5 Tasikmalaya sareng Acara makan-makan anu diayakeun ku Pagawe BRI di wengi tahun baru.
   Ekstrakulikuler karawitan teh salah sahiji ekstrakulikuler anu seeur diminati ku siswa-siswi SMPN 5 Tasikmalaya. Siswa-siswi SMPN 5 Tasikmalaya raresep pisan kana karawitan teh. Lian ti resep, siswa-siswi SMPN 5 teh hoyong ngiring ngalastarikeun budaya sunda. Ekstrakulikuler karawitan osok latihan unggal dinten Jumaah, ti saatos jumaahan dugikeun ka sonten. Ekstrakulikuler karawitan sok nandangkeun rampak kendang pami aya acara perlombaan FL2SN, perpisahan kelas 9, narima tamu ti luar kota, mepeling poe guru nasional, mepeling poe pramuka, jsb. Dina acara perlombaan, ekstrakulikuler karawitan SMPN 5 Tasikmalaya unggal taunna sok ngengingkeun juara ka-2. Malik kana kasuksesannana ekstrakulikuler karawitan SMPN 5 Tasikmalaya teu lian ti jasa pembina sareng pelatihna. Pembina sareng pelatih ekstrakulikuler SMPN 5 Tasikmalaya teh nyaeta Ibu Enok Elis. Ibu Enok Elis teh nyaeta salah sahiji guru kasenian di SMPN 5 Tasikmalaya. Ku kasabaran sareng kaikhlasannana ekstrakulikuler karawitan SMPN 5 Tasikmalaya janten salah sahiji ekstrakulikuler anu dibanggakeun.
     Pamiarsa, warta anu salajengna nyaeta Kagiatan LDKS SMPN 5 Tasikmalaya.
   LDKS teh singkatan tina Latihan Dasar Kapamingpinan Siswa. Kagiatan ieu teh tujuannana kanggo ngalatih sikap kapamingpinan siswa. Kagiatan ieu teh diselenggarakeun ku crew osis. Kagiatan ieu teh dikawitan ti dinten Sabtu kaping 17 Januari 2015 dugikeun ka dinten Ahad kaping 18 Januari 2015. Tempatna di kampus SMPN 5 Tasikmalaya. Lian ti ngalatih sikap kapamingpinan, kagiatan ieu oge kanggo ngalatih fisik sareng mental siswa, supados tiasa ngontrol emosina sareng tiasa langkung sabar. Syarat kanggo ngiring kagiatan ieu teh salah sahijina kedah aya surat izin ti orangtua.
     Pamiarsa, warta anu pamungkas nyaeta pagawe BRI ngayakeun acara makan-makan dina wengi tahun baru.
   Dina wengi tahun baru, pagawe BRI ngayakeun acara makan-makan, anu tempatna di Kantor Cabang BRI Tasikmalaya, pengkereun Masjid Agung Tasikmalaya. Acara ieu teh dikawitan ti tabuh 8 wengi dugikeun ka tabuh 12 wengi. Biaya anu dikaluarkeun kanggo acara ieu teh udunan ti sadaya pagawe BRI. Acara ieu teh diayakeun kanggo nyambut sareng ngameriahkeun tahun baru. Acara ieu teh khusus kanggo Pagawe BRI hungkul sareng kulawargana.
     Pamiarsa sadayana,
   Rupina mung sakitu anu kapihatur. Wilujeng patepang deui dina warta anu bakal dongkap. Hapunten bilih aya cariosan anu kirang merenah dina manah, neda dihapunten pisan. Beber layar poe anyar, lulus banglus ginuluran, tebih dina marganing bala, anggang tina sagala gogoda, disarengan luhur kuta gede dunya, jatnika sapapaosna, bagja dunya rawuh akheratna.
     Wabillahi taufiq walhidayah. Wassalamualaikum Wr. Wb

Tidak ada komentar:

Posting Komentar